Bubukaning carios….
Ari nami curug supit téh, nyaéta panggihna dua
kokocoran wahangan anu nyurug di hiji tempat dingaranan Curug Supit. Éta tempat
téh pernahna di kiduleun puseur dayeuh Kacamatan Takokak. Nami curug supit téh,
kacida pisan di karamatkeunna ku masarakat satempat, ogé dikenal ku warga ti
luar Kacamatan Takokak. Buktosna kapungkur pernah ditapaan ku urang Cirebon, ti
Banten, sareng urang Sumedang malihan ayeuna ogé, masih sok aya nu napaan ku
masarakat satempat, boh ti nu jauh. Hal ieu ngabuktoskeun yén nami curug supit
téh kacida pisan dikaramatkeunna, ku masarakat Jawa Barat.
Kocap carita….
Jaman baheula aya hiji aki-aki hirupna nunggul pinang,
hirup bubuara di pileuweungan. Teu anak, teu pamajikan. Ari kahirupan utamana
ti ngongora nepika cueut ka hareup nyaéta ngala manuk. Ari ngaran tukang moro
manuk téh nyaéta, nu katelah Ki Tumbal Kala. Saking kahot-kahotna Ki Tumbal
Kala, carita ieu kadéngé ku Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran.
Kacaritakeun di karaton Karajaan Pajajaran, Putri
bungsu nu jadi kembang karaton, nugeulisna sabiwir hiji meunang hiji cocoba ti
nu maha kawasa, gering mangbulan-bulan, para tabib jeung paraji sakti, ti tiap
daérah didatangkeun pikeun ngalandongan putri bungsu, tapi tetep teu aya
tapak-tapakna acan. Permaisuri saban poé ceurik, sang Raja unggal mangsa
nalangsa, pangeusi karaton kabéh bingung.
Keur meujeuhna baringung nu teu manggih tungtung
kadéngé diluar aya nu datang, “sampurasun… sampurasun… sampurasun…” ceuk
tamu, “rampés” ceuk pribumi. Di jero karaton éta tamu ditanya ku sang raja,
bari semu dareuda. “Saha ngaran andika, timana, jeung naon tujuan andika datang
nohonan kaula?” saur sang raja. “Nepangkeun nami kaula nyaeta Pandita Langlang
Buana, kaula teu gaduh tempat maneuh, tapi kolong langit éta tempat kaula,
nun…” saur éta pandita, bari handap asor. “jadi, kieu ieu téh pandita, kaula
sakulawarga bingung teu manggih tungtung, susah nu teu aya papadana, sugan
pandita bisa nyageurkeun putri bungsu kaula, anu batan sakieu repotna, cai teu
asup, sangu sumawona, ieu mah sugan jeung sugan, pandita tiasa mere
bongbolangan”. Saur sang raja bari dumareuda. Barang ngadéngé caritaan sang
raja, pandita katingal ungut-ungutan. Bari terus menekung ka nu agung, ménta
pituduh ka nu kawasa, teu sabaraha lila, bray, panonna beunta, bari pok sang
pandita nyarita, “punten sateuacanna prabu, kaula nembé dipasihan pituduh
wiréhna pilandongeun putri bungsu téh, kedah ditumbal ku getih tikukur emas”
saur sang pandita méré pituduh. “Dimana ayana éta tikukur emas téh pandita?”
saur sang raja panasaran. “Hapunten prabu, dupi éta manuk téh ayana di daérah
pakidulan, pilarian wé hiji tegalan paranti balap kuda, pilari nami Ki Tumbal
Kala” saur pandita ngajelaskeun.
Tah éta tempat paranti balap kuda téh robah ngaranna
jadi Pangaduan.
Sabulan, dua bulan, tilu bulan, utusan Prabu Siliwangi
terus nanyakeun ka hiji lalaki satengah tuwu. “Sampurasun sun…” ceuk éta
prajurit siliwangi téh nanyakeun, “rampés… aya naon ki sanak anu gandang
perténtang, naros ka simabdi?” jawab Ki Tumbal Kala meuni ajlih. Terus éta
prajurit siliwangi téh, ngobrol panjang lébar, bari saterusna mah, nyaritakeun
tujuanna, ari Ki Tumbal ungut-ungutan, ngarti kana maksud prajurit. “Ké, antos
sakedap ki sanak, jisim abdi badé menekung heula, badé nyuhunkeun pituduh ka nu
kawasa”. Bari terus sila mendeko, teu kungsi lila bray, panonna beunta, terus
nyaritakeun hasilna. “Mangga ayeuna mah salira ngiring ka kaula” sapoé, dua
poé, can hasil, nya nepika saminggu, keur meujeuhna reureuh tina kacapé geleber
tikukur bulu emas ngageleber ka hareupeun Ki Tumbal, gebeg téh ki tumbal
ngarényag reuwas, cungkedil nangtung bari terus ngeteyep ngintip manuk tikukur
téa, sumpit geus siap ditiup, terus éta manuk eunteup dina kai leutik gigireun
curug, belesur sumpit ditiup, ceb keuna meni manggang pisan kana pingpingna.
Gancang éta tikukur emas dicandak ku prajurit, terus wé pamitan mulang ka
Pajajaran. Barang éta tikukur dicandak ku prajurit, na atuh, ari kerelek téh Ki
Tumbal ngaleupaskeun nyawa sapada harita, maot di éta tempat.
Tah kitu caritana téh, janten sanés Curug Supit,
asalna mah tapi Curug Sumpit, nelah kana bandana ki Tumbal Kala téa, kulantaran
kagok, masarakat nyebatna Curug Supit.
Panambih:
Ari Curug
Supit sareng Pangaduan téh pernahna di
wewengkon Désa Bungbangsari Kecamatan Takokak Kabupatén Cianjur.